Ad Code

1. Jangan Membenci Ulama yang Sezaman | 2. Jangan Menyalahkan Ajaran Orang Lain | 3. Jangan Memeriksa Murid Orang Lain | 4. Jangan Berubah Sikap Meski Disakiti Orang Lain | HARUS MENYAYANGI ORANG YANG MEMBENCIMU

Ticker

6/recent/ticker-posts

Sasih Ka-4 : Robi'ul Tsani

MANQOBAH KA-51 :

NYARIOSKEUN WASIAT SAYYID ABDUL QODIR

Anjeuna parantos wasiat ka putrana anu jenengan Abdur Rozàq kalawan pirang-pirang wasiat. 

Sapalihna nyaeta: 
"Heh anak mama,maneh kudu sieun ku Allah. 

Jeung kudu tho'at ka Allah. 

Jeung kudu nyekel kana syara'. 

Jeung kudu ngaraksa kana bates-batesna syara'. 

Jeung kudu alus hate. 

Jeung kudu barahan tangan. 

Jeung kudu daek tulung tinulung kana kahadean. 

Jeung ulah bedegong. 

Jeung kudu wayahna kana pilara. 

Jeung kudu ngaraksa kana kahormatan guru-guru. 

Jeung kudu ngahampura kana kasalahan batur. 

Jeung kudu nyaah ka fakir-miskin. 

Jeung kudu alus reureujeungan jeung batur-batur. 

Jeung kudu daek nganasehatan kanu gede kanu leutik. 

Jeungulah papaduan anging dina perkara agama. 

Jeung kudu nyaho ari hakekatna faqir eta butuh kabangsa maneh, ari hakekatna sugih eta henteu butuh kabangsa maneh. 

Jeung kudu nyaho ari tashowwuf eta tingkahna jalma anu henteu loba omong. 

Jeung upama nenjo jalma faqir ulah dimimitian kalawan elmu sabab matak lingas, sabalikna kudu dimimitian ku kanyaah sabab matak lindeuk. 

Jeung kudu nyaho maneh satemen-temena tashowwuf eta diadegkeunana kana 8 perkara: 

1. Barahan. 
2. Ridlo. 
3. Shobar. 
4. Isyarah. 
5. Ngumbara. 
6. Make pakean bangsa bulu. 
7. Leuleuweungan. 
8. Faqir. 

Ari barahan eta dipaparinkeun ka Nabi Ibròhhìm as, ari ridlo ka Nabi Ishàq as, ari shobar ka Nabi Ayyùb as, ari isyarah ka Nabi Zakariyyà as, ari ngumbara ka Nabi Yùsuf as, ari make bangsa bulu ka Nabi Yahyà as, ari leuleuweungan ka Nabi 'Isà as, ari faqir ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW. 

Jeung kudu tembongkeun kumaneh kagagahan kabaranian maneh upama reureujeungan jeung anu beunghar. 

Jeung kudu rendah upama reureujeungan jeung faqir. 

Jeung maneh kudu ikhlas. 

Jeung kudu langgeng nenjo ka Allah. 

Jeung ulah salah sangka ka Allah tina sakabeh sabab. 

Jeung kudu pasrah ka Allah dina sakabeh hal sakabeh tingkah. 

Jeung ulah tatagenan ka hiji jalma lantaran baraya atawa sobat. 

Jeung kudu ngakhodaman fuqoro kalawan 3 perkara:

Ka 1: Tawadlo 

Ka 2: Alus budi pekerti

Ka 3: Bersih hate

Jeung kudu nyaho maneh satemen-temena anu pangdeukeut-deukeutna ka Allah eta nu pangalusna budi pekertina. Ari pangutamana amal nyaeta ngaraksa hate tina ngaleret kasalian Allah. 

Jeung lamun kumpul jeung fuqoro kudu wasiat kalawan shobar jeung haq. 

Jeung cukup kamaneh tina dunya 2 perkara. 

Ka 1: 
Reureujeungan jeung faqir 

Ka 2: 
Ngahormat wali, 
Jeung ulah dipake sugih hiji perkara salian ti Allah. 

Jeung kudu nyaho upama gagah kasasama eta dlo'if, tegesna henteu kasebut gagah. Upama gagah kasaluhureun eta kumuluhung. 

Jeung kudu nyaho satemen-temena tashowwuf jeung faqir eta duanana perkara sabener-benerna, lain heureuy, kusabab kitu ulah dicampuran heureuy. 

Tah sakitu wasiat mama teh. Muga-muga Gusti Allah maparin taufiq kamaneh jeung kasakabeh murid-murid. 

Jeung anu ngadenge wasiat mama ieu sing barisa ngamalkeunana kalawan ka-Agungan Gustina sakabeh utusan. 
Amin"

***

MANQOBAH KA-53 :

NYARIOSKEUN PUPUSNA SAYYID ABDUL QODIR

Barang parantaos caket kana pupusna Sayyid Abdul Qodir, sumping Malaikat 'izroil dina waktu surup mata poe  nyandak tulisan, addresna: "yashilu hhàdzal maktùbu minal muhibbi ilal mahbùbi".

Hartosna:
"Datangna ieu tulisan tinu mikaasih kanu diasih".

Teras eta serat ku malaikat disanggakeun ka putrana, Abdul Wahàb.
Barang putrana ningali eta serat, teras nangis. Tidinya teras lebet sareng anjeuna ka Sayyid Abdul Qodir.

Ari pupusna dina malem senen ba'da isya, kaping 10 atanapi 11 Silih mulud
taun 561 Hijriyyah.

Barangna bade pupus, nimbalan ka putra-putrana: "Sing jarauh maraneh ti kaula, sabab kaula zhohirna jeung maraneh, bathina jeung lian maraneh, jeung legaan ieu tempat, sabab geus
hadir lian maraneh, jeung kudu aradab maraneh".

Sareng dina sadinten sawengi henteu liren-liren ngaos: "wa 'alaikumus salàm wa rohmatullòhhi wa barokàtuh, ghofarollòhu lìwalakum, tàballòhhu 'alayya wa 'alaikum, bismillàhi ghoiro
mawdi'ìna".

Sareng ngaos: "tùbù wad khulù fìsh-shoffil awwali idzan ajì-u ilaikum".

Sareng ngaos: "rifqon rifqon wa 'alaikumus salàmu ajì-u ilaikum".

Sareng ngaos: "qifù atàhul haqqu wa sakarotul mauti".

Sareng dawuhanana: "Ulah aya nu nanyakeun ka kaula hiji perkara
saba'da kaula bulak-balik dina elmuna Alloh".

Sareng ngaos: "ista'angtu bilà ilàhha illallòhu subhànahhu wa ta'àlà wal hayyil ladzì là yahsyàl ghoutsu subhàna mang ta'azzaza bilqudroti wa qohharo 'ibàdahhù bilmauti là ilàhha illallòhu muhammadur rosùlullòh ta'azzaza
ta'azzaza Allòhu Allòhu Allòhu".

Sowantena bedas, teras lalaunan pupus
ridlwànullòh 'alaihh.

*** 

 اَللّٰهُمَّ انْثُرْ عَلَيْهِ الرَّحْمَةَ وَالرِّضْوَانَ

 وَأَمِدَّنَا بِأَسْرَارِهِ فِي كُلِّ وَقْتٍ وَمَكَانٍ

Alloohhummantsur 'Alaihir Rohmata war Ridhwaan Wa'amiddana Bi Asroorihi Fii Kulli Waqtiw Wamakaan

 


Posting Komentar

0 Komentar