Ad Code

1. Jangan Membenci Ulama yang Sezaman | 2. Jangan Menyalahkan Ajaran Orang Lain | 3. Jangan Memeriksa Murid Orang Lain | 4. Jangan Berubah Sikap Meski Disakiti Orang Lain | HARUS MENYAYANGI ORANG YANG MEMBENCIMU

Ticker

6/recent/ticker-posts

Tanbih Bahasa Sunda

 

اِلٰى حَضْرَةِ الشَّيْخِ عَبْدُ اللّٰهِ مُبَارَكْ بِنْ نُوْر مُحَمَّدْ ، اَلْفَـاتـِحَةَ

Ilaa Hadhrotis Syaikh Abdulloh Mubarok bin Nur Muhammad rodhiyalloohu 'anhu. Al Faatihah

  

T A N B I H

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ

Ieu pangeling-ngeling ti Pangersa Guru Almarhum, Syaikh Abdullah Mubarok bin Nur Muhammad, panglinggihan di Patapan Suryalaya Kajembaran Rahmaniah. Dawuhanana khusus kangge ka sadaya murid-murid pameget, istri, sepuh, anom, muga-muga sing ginanjar kawilujengan, masing-masing rahayu sapapanjangna, ulah aya kebengkahan jeung sadayana.

Oge nu jadi Papayung Nagara sina tambih kamulyaananan, kaagunganana tiasa nangtayungan ka sadaya abdi-abdina, ngauban ka sadaya rakyatna dipaparin karaharjaan, kajembaran, kani'matan ku Gusti Nu Maha Suci, dlohir-bathin.

Jeungna sim kuring nu jadi pananyaan Thariqah Qadiriyah Naqsabandiyah Pondok Pesantren Suryalaya, ngahaturkeun kagegelan wasiat ka sadaya murid-murid poma sing hade-hade dina sagala laku lampah, ulah aya carekeun Agama jeung Nagara.

Eta dua-duanana kawulaan sapantesna, samistina kudu kitu manusa anu tetep cicing dina kaimanan, tegesna tiasa ngawujudkeun karumasaan terhadep agama jeung nagara, ta'at ka Hadorot Ilahi nu ngabuktikeun parentah dina agama jeung nagara.

Inget sakabeh murid-murid, ulah kabaud ku pangwujuk napsu, kagendam ku panggoda syetan, sina awas kana jalan anu matak mengparkeun kana parentah agama jeung nagara sina telik kana diri bisi katarik ku iblis anu nyelipkeun dina bathin urang sarerea.

Anggurmah buktikeun kahadean sina medal tina kasucian:

Kahiji : Ka saluhureun ulah nanduk boh saluhureun harkatna atawa darajatna, boh dina kabogana estu kudu luyu akur jeung batur-batur.

Kadua : Ka sasama tegesna ka papantaran urang dina sagala-galana ulah rek pasea, sabalikna kudu rendah babarengan dina enggoning ngalakukeun parentah agama jeung nagara, ulah jadi pacogregan pacengkadan, bisi kaasup kana pangandika  'Adzabun alim', anu hartina jadi pilara salawasna, tidunya nepi ka akherat (badan payah ati susah).

Katilu : Ka sahandapeun ulah hayang ngahina atawa nyieun deleka culika, hentau daek ngajenan, sabalikna kudu heman, kalawan karidloan, malar senang rasana gumbira atina, ulah sina ngarasa reuwas jeung giras, rasa kapapas mamaras, anggur ditungtun dituyun ku nasehat anu lemah lembut, nu matak nimbulkeun nurut, bisa napak dina jalan kahadean.

Kaopat : Kanu pakir jeung miskin kudu welas asih, someah, tur budi beresih, sarta daek mere maweh, ngayatakeun hate urang sareh. Geura rasakeun awak urang sorangan kacida ngerikna ati ari dina kakurangan. Anu matak ulah rek kajongjonan ngeunah dewek henteu lian, da pakir miskin teh lain kahayangna sorangan, estu kadaring Pangeran.

Tah kitu pigeusaneun manusa anu pinuh karumasaan, sanajan jeung sejen bangsa, sabab tungal turunan ti Nabi Adam a s. numutkeun ayat 70 surat Isro anu pisundaeunana kieu:

'Kacida ngamulyakeunana Kami ka turunan Adam, jeung Kami nyebarkeun sakabeh daratan oge lautan, jeung ngarijkian Kami ka maranehanana, anu aya di darat jeung lautan, jeung Kami ngutamakeun ka maranehanana, malah leuwih utama ti mahkluk anu sejenna.'

Jadi harti ieu ayat nyaeta akur jeung batur-batur ulah aya kuciwana, nurutkeun ayat tina surat Al-Ma'idah anu sundana.

'Kudu silih tulungan jeung batur-batur dina enggoning kahadean jeung katakwaan terhadep agama jeung nagara, soson-soson ngalampah-keunnana, sabalikna ulah silih tulungan kana jalan perdosaan jeung permusuhan terhadep parentah agama jeung nagara.'

Ari sebagi agama, saagamana-saagamana, nurutkeun surat Al-Kafirun ayat 6:

'Agama anjeun keur anjeun, agama kuring keur kuring', surahna ulah jadi papaseaan 'kudu akur jeung batur-batur tapi ulah campur baur'.

Geuning dawuhan sepuh baheula: 'Sina logor dina liang jarum, ulah sereg di buana'.

Lamun urangna henteu kitu tangtu hanjakal diakhirna. Karana anu matak tugeunah terhadep badan urang masing-masing eta teh tapak amal perbuatanana. Dina surat An- Nahli ayat 112 diunggelkeun anu kieu:

'Gusti Alloh geus maparing conto pirang-pirang tempat, boh kampungna atawa desana atawa nagarana, anu dina eta tempat nuju aman sentosa, gemah ripah loh jinawi, kari-kari pendudukna (nu nyicinganana) teu narima kana ni'mat ti Pangeran, maka tuluy bae dina eta tempat kalaparan, loba kasusah, loba karisi jeung sajabana, kitu teh samata-mata pagawean maranehanana'.

Ku lantaran kitu, sakabeh murid-murid kudu arapik tilik jeung pamilih, dina nyiar jalan kahadean lahir bathin dunya akherat sangkan ngeunah nyawa betah jasad, ulah jadi kabengkahan anu disuprih 'cageur bageur'.

Teu aya lian pagawean urang sarerea Thariqah Qadiriyah Naqsabandiyah Pondok Pesantren Suryalaya amalkeun kalawan enya-enya keur ngahontal sagala kahadean dlohir bathin, keur nyingkahan sagala kagorengan dlohir bathin, anu ngeunaan ka jasad utama nyawa, anu dirungrung ku pangwujuk napsu, digoda ku dayana setan. Ieu wasiat kudu dilaksanakaeun ku sadaya murid-murid, supaya jadi kasalametan dunya rawuh akherat.

 

Patapan Suryalaya, 13 Februari 1956

Ieu Wasiat kahatur ka sadaya ahli-ahli

Ditawis ku :

SYAIKH AHMAD SHOHIBUL WAFA TAJUL ARIFIN, Rodhiyallohu 'anhu  

Al-Fatihah

 

RANGGEUYAM MUTIARA

  1. Ulah ngewa ka ulama sajaman
  2. Ulah nyalahkeun kana pangajaran batur
  3. Ulah mariksa murid batur
  4. Ulah medal sila upama kapanah

Kudu asih ka jalma nu mikangewa ka maneh

 

Bikaromati Syekh Muhammad Abdul Gaos 

Saefulloh Maslul Al Qodiri An Naqsabandi Al Mutaqi Al Kamil Al Muwaffaq Al Mujadid' Al Quthub As Shomadany Qoddasalloohu Sirrohu 

Al Fatihah.

 


Posting Komentar

0 Komentar