MANQOBAH KA-15 :
NYARIOSKEUN JENENGAN SAYYID ABDUL QODIR CARA ISMUL A'ZHOM
Dicarioskeun dina kitab Haqoiqul Haqoiq, aya hiji awewe ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir, teras unjukan pokna:
"Gusti,
abdi teh gaduh anak mung hiji-hijina, ayeuna ti teuleum di laut. Dupi
abdi gaduh kayakinan, yen Gusti tiasa ngabalikkeun anak abdi sarta
hirup.
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: "Enya, jig bae balik. Anak maneh geus aya di imah".
Tidinya teras eta awewe gura-giru balik.
Barang dongkap ka imahna, anakna henteu aya.
Tidinya berengbeng deui awewe teh ka Sayyid Abdul Qodir bari ruwuh-riwih ceurik, unjukan yen anakna henteu aya.
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: "Ayeuna mah tangtu geus aya".
Deregdeg deui eta awewe balik.
Ari
dongkap ka imahna, anakna teu acan aya keneh. Gowak deui ceurik. Teras
ngadeuheus deui ka Sayyid Abdul Qodir, bari ceurik mamandapan,
nyuhunkeun anakna hayang hirup deui, hayang aya deui.
Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir nungkulkeun sirahna.
Barang cengkat, ngadawuh. Saurna: "Ayeuna mah moal salah deui, anak maneh geus aya".
Tidinya teras eta awewe balik.
Barang dongkap, anakna geus aya di imahna sarta salamet.
Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir munajat. Piunjukna:
"Jisim
abdi kalintang isinna ku eta awewe, dugi ka tilu kali nembe aya anakna.
Kumaha margina, sareng naon hikmahna numawi dielatkeun, dugi ka abdi
kawirangan dua kali?".
Dawuhan
Gusti Alloh: "Omongan maneh ka eta awewe kabeh oge bener. Barang mimiti
disebutkeun aya teh bener, tapi kakara dikumpulkeun ku malaikat jiwa
ragana nu geus pabencar. Ka dua kali oge bener, tapi kakara jejeg
anggahotana sarta dihirupan. Ka tilu kalina eta awewe datang ka imahna,
geus dihanjatkeun ti laut, didatangkeun ka imahna".
Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir unjukan deui:
"Gusti
mah ngadamel makhluk anu sakieu poharana henteu kalawan kasusahan. Nya
kitu deui dina ba'atsna ngumpulkeun sakabeh jiwa raga makhluk nu sakitu
seueurna mung sakedet netra. Ari ieu mah hiji budak, naon hikmahna Gusti
numawi sakitu lamina?".
Dawuhan Gusti Alloh:
"Abdul Qodir, maneh entong jadi raheut hate. Ayeuna pek geura menta, maneh hayang naon, tangtu dipaparin ku aing?".
Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir sujud sarta unjukan. Saurna:
"Gusti kholik anu ngadamel, ari abdi makhluk anu didamel. Naon-naon oge paparin Gusti, abdi kalintang nuhunna".
Dawuhan Gusti Allah:
"Saha anu nenjo kamaneh dina poe juma'ah, ku aing didamel wali. Jeung lamun maneh nenjo kana taneuh, tangtu jadi emas".
Dawuhan
Sayyid Abdul Qodir: "Gusti, ieu duanana oge henteu pati aya mangfaatna
ka abdi. Abdi nyuhunkeun anu agung ti eta, sareng tetep mangfaatna
saparantos maot abdi".
Dawuhan Gusti Allah:
"Ngaran
maneh dijieun seperti ngaran kami dina ganjaranana jeung manjurna.
Saha-saha anu maca kana ngaran maneh, ganjaranana sarua jeung maca
jenengan kami".
***
MANQOBAH KA-16 :
NYARIOSKEUN NGAHIRUPKEUN HIJI JALMA TI JERO KUBUR
Dicarioskeun dina kitab Asroruth Tholibin, Sayyid Abdul Qodir hiji waktos ngalangkung kana hiji tempat.
Anjeuna
mendak jalma islam keur paadu paloba-loba omong jeung bangsa nashroni.
Teras ku Sayyid Abdul Qodir dipariksa sabab-sababna papaduan.
Ceuk bangsa Islam:
"Eta Gusti, paalus-alus nabi. Sanggem abdi, utami Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Ari sanggem ieu nashroni, utami Nabi Isa".
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir ka nashroni:
"Eta maneh nyebutkeun utami Nabi Isa, naon dalilna?".
Ceuk nashroni: "Eta, Nabi Isa mah sok tiasa ngahirupkeun jalma nu geus maot".
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"Maneh nyaho kaula lain nabi, ngan saukur anu anut jeung nyekel agama Nabi Muhammad?".
Ceuk nashroni:
"Kantenan bae terang mah".
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"Lamun kaula bisa ngahirupkeun anu geus maot, maneh rek iman ka Nabi Muhammad?".
Jawabna: "Kantenan bade iman".
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"Coba urang neangan kuburan anu geus heubeul".
Nya manggih kuburan anu kira-kira geus 500 taun lamina.
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"Nabi Isa ari ngahirupkeun anu geus maot, kumaha pokna?".
Ceuk nashroni:
"Qum bi idznillàh".
Hartosna: "Hudang maneh kalawan idzin Alloh" .
"Geura kami mah dengekeun kieu: Qum bi idznì". Hartosna:
"Nangtung maneh kalawan idzin kami!".
Tidinya tuluy eta kuburan beulah. Tuluy eta mayit teh bijil ti kuburna bari nembang. Tadina eta jalma tukang tembang, Teras eta nashroni asup islam.
***
MANQOBAH KA-17 :
NYARIOSKEUN SAYYID ABDUL QODIR NGAREBUT NYAWA KHODAMNA TI MALAKAL MAUT
Dicarioskeun ku Abbil Abbas Ahmad Rifa'i:
"Salah
sawios khodamna Sayyid Abdul Qodir maot. Teras pamajikanana ngadeuheus
ka Sayyid Abdul Qodir, keukeuh nyuhunkeun salakina hayang hirup deui.
Tidinya
teras Sayyid Abdul Qodir muroqobah, mangka ningali anjeuna dina alam
bathin, malakal maot keur hanjat ka langit nyandak roh nu dicabut dina
poe eta, diwadahan dina wadah ma'nawi sarupi zambil.
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"Heh Malakal Maut, eureun heula, jeung kadieukeun roh bujang kaula si anu ngarana !".
Saur Malakal Maut:
"Moal
tiasa masihkeun, margi kaula nyabutan arwah teh lain sakarep-karep
kaula, tapi kalawan parentahan Pangeran, sarta kudu disetorkeun ka
anjeuna".
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"Enya, kaula oge terang. Tapi eta mah roh bujang kaula, kadieukeun bae".
Saur Malakal Maut: "Moal tiasa !".
Keukeuh anu nyuhunkeun sareng keukeuh anu henteu maparinkeun.
Tungtungna dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"Kalawan
kamahabbahan kaula ka Gusti Allah, kadieukeun eta roh bujang kaula !".
Bari teras eta wadah arwah teh direbut ku Sayyid Abdul Qodir. Teras
diucutkeun.
Atuh budal sadayana roh anu kenging nyabutan ti isuk teh laleupasan, baralik deui kana jasadna.
Tidinya teras Malakal Maut teh unjukan ka Gusti Allah Anu Maha Suci. Piunjukna:
"Beu Gusti, Gusti langkung uninga kana kaayaan kakasih Gusti, wali Gusti Abdul Qodir".
Dawuhan Gusti Allah:
"Enya
eta Abdul Qodir teh kakasih aing. Bongan roh bujangna kumaneh henteu
dibikeun, jadi bae roh anu sakitu lobana mawur. Ayeuna maneh hanjakal
henteu dibikeun".
0 Komentar