MANQOBAH KA-35 :
NYARIOSKEUN SYEKH AHMAD KANJI JADI MURIDNA SAYYID ABDUL QODIR KALAWAN PITUDUH GURUNA
Kacarioskeun
hiji waktos Syekh Ahmad Kanji nuju abdas, aya kereteg dina manahna yen
thorekatna Sayyid Abdul Qodir leuwih dipikaresep tibatan
thorekat-thorekat sejena.
Kereteg Syekh Ahmad Kanji kitu teh kauninga ku guruna, Syekh Abi Ishaq Maghribi. Saur guruna:
"Nyaho maneh martabatna Sayyid Abdul Qodir?".
Saur Ahmad Kanji: "Henteu !".
Saur
guruna: "Sayyid Abdul Qodir teh kagungan 12 sifat. Lamun lautan dijieun
mangsina, tatangkalan dijieun kalamna, manusa jeung jin jeung malaikat
anu nuliskeunana, tangtu moal katuliskeun sahiji sifat oge".
Barang
Syekh Ahmad Kanji ngadangu cariosan guruna kitu teh, anjeuna banget
mahabbahna ka Sayyid Abdul Qodir, sareng banget ngarep-ngarepna palay
ulah waka pupus upama teu acan lebet kana thorekatna.
Tidinya teras anjeuna angkat ka Baghdad.
Barang nembe dongkap ka hiji gunung di jajahan Ajmir, anjeuna mendak hiji wahangan, teras abdas.
Saparantos abdas teras netepan.
Saparantos netepan anjeuna teras kulem.
Dina
kulem anjeuna kasumpingan Sayyid Abdul Qodir nyandak makuta beureum
sareng sorban hejo, teras Syekh Ahmad ngadeg ngahurmat ka Sayyid Abdul
Qodir.
"Kadieu sing deukeut", saur Sayyid Abdul Qodir.
Teras Syekh Ahmad Kanji nyaketan, teras makuta beureum sareng sorban hejo teh dianggokeun ka anjeuna.
Saur
Sayyid Abdul Qodir: "Heh Ahmad Kanji, ayeuna maneh geus jadi anak murid
kaula, jeung maneh geus jadi tina satengahna Rizalulloh".
Les deui Sayyid Abdul Qodir teh henteu aya.
Barang
Syekh Ahmad Kanji gugah, makuta sareng sorban aya dina mastakana, teras
Syekh Ahmad Kanji syukur ka Gusti Allah, sareng teras mulih deui ka
guruna, nyarioskeun lalakona sareng ningalikeun makutana.
Saur
guruna: "Heh Ahmad Kanji, ieu makuta jeung sorban kaberkahan pikeun
maneh. Pohara maneh dipikaasihna ku Sayyid Abdul Qodir, jeung ayeuna
maneh jadi pangunjulna wali".
Teras Syekh Abi Ishaq Maghribi ngalap berkah, nganggo makuta sareng sorban tea. Tidinya dipasihkeun deui ka Syekh Ahmad.
***
MANQOBAH KA-36 :
NYARIOSKEUN SYEKH AHMAD KANJI NGALA SULUH BARANG BADE DISUHUN SULUHNA NGAPUNG KALUHUREUN SIRAH SYEKH AHMAD
Syekh
Ahmad Kanji teh khidmahna atanapi padamelanana ngala suluh kangge masak
roti faqir-faqir.Barang saparantos nganggo makuta ti SAQ,saur guruna:
"Ahmad Kanji,ayeuna mah maneh henteu layak,ngewa ngala suluh,sabab sirah
maneh geus dimakutaan ku makuta mulya".
Tidinya Syek Ahmad Kanji maksa nyuhunkeun widi ti guruna,saur guruna: "Nya ari keukeuh mah,jig bae".
Tidinya
teras Syekh Ahmad Kanji angkat ka gunung,teras ngempelkeun
suluh,tidinya teras dibeungkeut.Barang bade disuhun,suluh teh jung
ngapung kana luhureun sirah Syekh Ahmad,cicing di awang-awang kira-kira
sahasta tina sirahna syekh Ahmad.
Tidinya teras Syekh Ahmad mulih ka guruna.Beungkeutan suluh teh ngalayang bae di awang-awang nuturkeun Syekh Ahmad.
Barang
sumping ka guruna,nyaeta Syekh Abi Ishaq Maghribi tea,saur guruna: "Tah
Syekh Ahmad,tadi ceuk kaula kumaha,sirah maneh henteu pantes dipake
nyuhun suluh,sabab geus ditetepan makuta jeung sorban anu mulya,ti waktu
ayeuna meugeus entong deui-deui ngala suluh,maneh ku SAQ geus
ditepikeun kana pangkat Rijalulloh".
***
0 Komentar